Narjamahkeun téh aya padika atawa aturana . Pangpangna kudu boga kamampuh dina basa nu rek ditarjamahkeuna . Umpamana wae urang téh rék narjamahkeun basa Sunda ka basa Inggris , tangtu wae urang téh kudu mampuh basa Sunda jeung mampuh basa Inggris .
Aya tilu kamampuh nu kudu kacangking mun urang rek narjamahkeun :
1 . Kamampuh gramatikal , nyeta bisa maham pangaweruh ngenaan kekecapan , nyusun kalimah , nyusun ejaan jeung paragraf .
2 . Kamampuh sosiolinguistik , nyeta bisa maham ngeunaan kalungguhan hiji basa dina kahirupan sapopoe di masarakat pamakena . Umpamana wae dina basa Sunda aya istilah kacapi , naha aya dina basa Inggrisna ?
3 . Kamampuh semantik , nyaeta kamampuh dina ngaguar harti jeung ma'na teks nu rek ditarjamahkeun. Umpanana wae dina basa Sunda aya babasan Kurung Batok , naon tarjamahan dina basa Indonesiana ?
Naha bisa mun ditarjamahkeun sangkan tempurung kelapa ? Tangtu we ditarjahkeuna teh kudu jadi bagai katak dalam tempurung , nu hartina sarua jeung kurung batok , nyaeta langka indit-inditan .
Ku kituna , unggal teks teh ayanu bisa ditarjamahkeun aya oge nu henteu .
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
1 komentar:
Nice.Like Back & Komen nya juga .mksih sangat membantu
https://libraryakbarfadilah.blogspot.co.id/
Posting Komentar