RSS Feed

Sajarah Singket Tasikmalaya

Posted by Yona-Fitriyani Label:

Nurutkeun prasasti Geger
Hanjuang nu kapanggih di
suku gunung Galunggung, hari
jadi kota Tasikmalaya teh
tanggal 21 Agustus taun 1111
Masehi.
Dina abad ka-8 nepi ka-12, di
Tasikmalaya teh aya
pamarentahan dina wangun
kabataraan. Pusat
pamarentahanana di Tawang
atawa Galunggung. Anu kungsi
jadi batara waktu harita teh
nya eta Sang Batara Sempak
Waja, Batara Kuncung Putih,
Batara Kawindu, Wastu Hayu,
Hyang Ratu Galunggung.
Pamarentahan kabataraan
robah jadi karajaan
Galunggung. Nu jadi rajana
nya eta Batari Hyang
Galunggung, Rakean
dermasiksa, Ratu Saunggalah
Prabu Ragasuci, Sang
Lumahing Taman, Ratu Galung
Sakti, Ratu Sembah Golek, Ratu
panyongsongan, Sang
Lumahing Gunung Raja.
Saterusna dina abd ka 15-nepi
ka abad ka-16, pamarentahan
di Tasikmalaya teh mangrupa
bagian tina karajaan
pajajaran. Pusat
pamarentahanana di
Sukakerta. Rata-rajana nu
kungsi marentah di antarana:
Sri Gading Antek, Dalem
Sukakerta atawa Dalem
Barayuda, Lembujaya atawa
Dalem Santawaon, Entol
Wiraha, jeung Wirawangsa.
Dina mangsa panjajahan
Walanda, kurang leuwih taun
1641, ngadeg pamarentahan
Kabupaten Sukapura. Ibu
kotana di Leuwiloa. Nu
marentah panghelana nya eta
Bupati Ki Ngabehi Wirawangsa.
Diteruskeun ku J Manggala,
Anggadipa, Subamanggala,
Sacapati, Jaya Anggadireja,
Jaya Manggala II, Anggadipa II,
R.T. Suryalaga, Anggadipa II.
Ibu kota Kabupaten Sukapura
kungsi ngalaman pindah ti
Leuwiloa ka Empang di
Sukaraja, saterusna pindah ka
Manonjaya. Dina tanggal 1
Oktober 1901 ibukota
kabupaten Sukapura di
Manonjaya pindah ka
Tasikmalaya. Sanggeus di
Tasikmalaya, ngaran
kabupaten Sukapura diganti
jadi Kabupaten Tasikmalaya
nepi kaayeuna.
Kiwari kabupaten Tasikmalaya
dibagi dua, nyaeta
pamarentahan kabupaten
Tasikmalaya jeung kota
Tasikmalaya. Kabupaten mah
dipimpin ku bupati,
sedengkeun kota mah dipimpin
ku walikota.

Sajarah Basa Sunda

Posted by Yona-Fitriyani Label:


Teu aya maksad anu sanes ti sim kuring midangkeun ieu sajarah basa sunda sangkan urang imeut kana sajarah basana sorangan, ngahaja meunang mulungan, meunang ngorehan sugan jeung sugan aya mangpaatna keur urang sarerea,

Basa sunda nu aya ayeuna teh mangrupa hasil tina kamekaran sapanjang masa, basa sunda terus robah sangkan bisa ngigelan jaman. Robahna teh salilana luyu jeung robahna kabudayaan sunda, anu nampa rupa rupa pangaruh tina kabudayaan deungeun. Basa sunda kungsi meunang pangaruh tina budaya jeung agama hindu, budaya jeung agama islam, budaya jawa (mataram) jeung budaya barat, eta pangaruh teh saterusna di olah nurutkeun kapribadian urang sunda dipake geusan mekarkeun kabudayaan sorangan.
Dina gurat badagna galuring sajarah basa sunda teh bisa diringkeskeun kieu :

1. Sajarah basa sunda mangsa I (samemeh taun 1600 masehi)
Nepi ka taun 1600 masehi, basa sunda teh mangrupa basa nagara di karajaan salakanagara, galuh, kawali, sunda jeung pajajaran. Dina ieu mangsa basa sunda kaasupan ku basa sansakerta saperti anu katembong dina prasasti titinngal purnawarman, malah aksarana oge make aksara pallawa. Basa sunda alam harita dipake dina widang kanagaraan, kasenian jeung kahirupan sapopoe, loba kitab suci anu ditulis dina basa sunda sarta ngagunakeun aksara sunda (kuna) saperti siksa kanda ng karesian, carita parahiyangan, darmasiksa jeung guru talapakan. Geura titenan basa sunda nu dipake alam harita, boh nu aya dina prasasti boh nu aya dina karya sastrana :

Prasasti ciaruteun, titinggal purnawarman
"Jayaviclasya tarumendrasya hastinah airavabhasya vibhatidam padadavayam"
hartina : ieu (tapak) dua sampean airawata anu gagah perkasa, gajah inguan pangawasa taruma nu mawa kadigjayaan

Prasasti pasirmuara, cibungbulang titinggal karajaan sunda
"ini sabdakalanda rakryan juru pengambat I kawihadji panca pasagi marsandeca barpulihkan hadji sunda"
hartina : ieu teh ucapan rekeyan juru pengambat dina taun saka 458 nu netelakeun yen pamarentahan daerah dipulihkeun ku raja sunda

Prasasti astana gede titinggal karajaan sunda di kawali
“nihan tapa kawali nu sanghiyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg dikuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sgala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul
hartina : ieu nu tapa di kawali teh nyaeta tapana nu mulya lir dewa. Gusti nu bagja, raja wastu nu ngereh di kota kawali, nu parantos mapaes karaton surawisesa nu ngadamel kakalen sakuriling dayeuh, nu nyantosa sakuliah wewengkon, muga-muga kapayuna aya nu kersa midamel kasaean sangkan punjul sajagat.

2. Sajarah basa sunda mangsa II (1600-1800 masehi)
Basa sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa arab jeung basa jawa, basa arab asupna kana basa sunda teh ngaliwatan pasantren, ari basa jawa asupna kana basa sunda teh ngaliwatan padaleman (pamarentahan). Harita di tatar sunda geus jlug jleg pasantren, umumna ajengan nu ngadegkeun pasantren di urang teh kungsi masantren di wetan jadi salian ngasupkeun basa arab kana basa sunda pasantren oge milu ngasupkeun basa jawa deuih nya diantarana ngaliwatan pasantren deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana teh. Kitu deui widang pamarentahan, harita tatar sunda ka ereh ku mataram, para gegeden sunda (dalem) sataun sakali kudu seba ka dayeuh mataram, tara sakeudeung sakeudeung didituna teh, balikna maw adat cara kadaleman jawa, nya mangsa harita mimiti asupna undak usuk basa kana basa sunda teh nu mangrupa pangaruh tina basa jawa (contono dina naskah wawacan sulanjana).

3. Sajarah basa sunda mangsa III (1800-1900 masehi)
Dina ieu mangsa, basa sunda mimiti kaasupan ku basa walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawe walanda, memang harita mah wewengkon sunda teh geus aya dina genggeman pamarentah hindia walanda, nya harita medalna buku basa sunda anu ditulis ku aksara laten teh basa sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa walanda, salian ti eta basa sunda oge mimiti kaasupan basa malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang sunda kudu ngagunakeun basa malayu minangka lingu –francana (contona aya dina wawacan panji wulung 1876).

4. Sajarah basa sunda mangsa IV (1900-1945)
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki rea, basa sunda terus digunakeun sarta diajarkeun disakola-sakola para panalungtik basa sunda beuki loba deuih boh bangsa deungeun boh urang sundana sorangan, beuki tembong bae pangaruh basa walanda kana basa sunda teh nepi ka harita mah teu saeutik urang sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa walanda, utamana kaom palajar, basa sunda pacampur jeung basa arab, jawa, malayu jeung walanda dipake dina widang atikan jeung kabudayaan pikeun nuliskeunana geus prah make aksara laten. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa dina basa sunda saperti papaes nonoman (1915), pasoendan (1917), poesaka soenda (1923) jeung sipatahoenan (1923).

5. Sajarah basa sunda mangsa V (1945-kiwari)
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut oge mangsa sabada perang, basa sunda dipake dina kahirupan sapopoe, pustakamangsa, kabudayaan jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa sunda loba kapangaruhanana ku basa indonesia, dina istilah-istilah basa kosta memeh asup kana basa sunda teh umumna ngaliwatan heula basa indonesia, utamana nu dipake ku masarakat kota, nepi ka aya istilah sunda kamalayon geuning, nyaeta basa sunda anu kapangaruhan ku basa malayu (indonesia).

Ceuk inohong sunda jeung para ahli, basa sunda nu ayeuna pasti bakal robah dimangsa jaga, nu ngarobahna tangtuna oge urang sunda keneh, robahna basa sunda nu ngindung ka waktu ngabapa ka kajaman teh moal matak lewang ngawariskeunana ka turunan urang engkena asal robahna eta basa teh tetep aya dina pangriksa jeung pangraksa LBSS.

Kiamat ? Bener Ga ?

Posted by Yona-Fitriyani

KIAMAT bener ga ? isu isu besar di infotaiment tentang 2012 merupakan akhir dari segalanya . Nah yang menjadi perasalahanya yaitu  BENAR / TIDAK nya pernyataan dari pakar pakar contohnya kata alm . Mama Laurent seorang peramal yang cukup ahli . Namun apa daya hanyalah waktu yang dapat membuktikan dan hanya ALLAHlah yang dapat mengetahui segalanya . Ada juga sumber yang menyatakan bahwa kiamat akan datang pada tanggal 24 Desember 2012 yaitu kalender suku maya yang menyatakan bahwa hari tersebut merupakan pergantian tahun menuju tahun ke tujuh dalam kehidupan

CANGEHGAR (carita ngenah dan segar)

Posted by Yona-Fitriyani Label:

Yaampun dahlama ga posting . Saking sibuknya liburan dikasur heheh .
Hmmp kali ini aku mau postingin cerita cerita yang bisa bikin bibir ngasem alias ngakak :D hee
Isyaallah ceritanya bisa cocok bua anakanak dan dewasa tanpa bimbingan orang tua . apalagi buat orangorang yang hobbi beud ngegalau :D
ini ada beberapa ceritanya si Adul beserta kerabat, keluarga dan keluarga terdekat ;)
Standbay ngakak ya ;)
Na
hhh .. langsung aja ke TKP  #upss


 (obrolan Ema jeung Adul nguruskeun Bapa maot)
adul;ma,,ma,,(bari lumpat)
Icih,;aya naon sadul?
Adul;bapak ma,,,(bari leweh)
Icih;,kunaon bpak maneh?
Adul;bapak maot ma,,
Icih;hah maot!
Nu bener siah,,?
Adul ;bener ma,serius adul mah,,
Icih;cik kadieu nginyem hape
Adul;jang naon ma?
Rek ngabeja,an dulur2 kabeh lin?
Icih;lain,,
Adul;trus jang naon ath,?
Icih.;rek muka fecebook,,rek ngaganti status,dari menikah jd lajang,,
Adul,&&__;&&;==-._!:;_?????
(kunti gaul neangan sinyalllll)

kunti!
dina hiji waktu malem jumat kliwon, udin ngaronda jeung adulngalewatan astana!
teu jauh ti dinya, aya awewe keur ngoprek hp di luhureun kuburan, nya prak we ku udin di tanya:
udin : neng nuju naon nyo'o hp di kuburan peuting-peuting? ke bisi aya kunti geura ...
bener teu dul? (bari nanya ka sadul)
sadul : bener pa, tapi tenang we neng da aya aa adul nu kasep oge jagoan tea teu sieun ku nanaon ...
(bari ngagaya)
udin : beubeul siah ... aing heula miheulaan kolot!
(bari pepereket)
awewe : muhun bapa, abdi kapaksa kedah kaluhur ieu teh da di handap awon sinyalna (Di jero kuburan) jabaning poek deuih ...
(beungeut sieun jeung soak udin jeung adul nenjo pisan)
udin : kunti sadul ......... lumpat!!!!
(bari ngabecir)
adul : pa ..... dagoan aing .... ema!!!!!
(bARI mewek)
 (Udinya Bego Pemirssa)
Ashep Shyaputtra Sindangjaya SankHumoris
Udin jadi Jeger Kampung
Udin : Bro dewek rek ka kota,ceuk silaing dewek kudu naek mobil naon yeuh,?...(bari mabok mamawa bedog)
Ibro : oh ka kota mah naek mobil koneng atuh,soalna ari nu hejo mah beda jurusanna
- Trus weh udin ngaleos ka jalan raya,bari rek megat mobil,_teu lila kurunyung mobil setum ngaliwat,..
Udin : ereun siah,..kna mobil setum bari ngasor2 bedog
Supir : aya naon kang,?
Udin : aya naon,aya naon sidik aing teh rek ka kota
Supir : aduh salah naek mobilna atu kang
Udin : euu,..geus puguh mobil koneng teh jang ka kota,da aing teh teu buta warna,_burukeun koplok bisi di kadek ku aing
Supir : muhun,muhun,_bari ngadeg-deg ngomong na jero hatena,_(ngimpi naon aing,panggih jeng nu gelo kieu)
 (waaaw carii jodoh sapa mau??)
adul>cup adul teh bosen ngajomblo wae ges 10thn adul teh pko nmah ges era ku tatangga jeng bbturan.emang eweh bikang aph cup. . ?
Ucup>har ai sia naha te apal kitu. . ?
Adul>aya naon cup bikang lain. . ?{bari nepak si ucup}
ucup>wah bner2 maneh dul.pan ayena teh aya bikang anyar eta tkng'n imah w'haji jaba bodas jeung montk dei. . !
Adul>akh nu baleg maneh cup.anak wa haji lain. . ?
Ucup>lain itu embe wahaji nu anyar. . {bari ngabecir sambari nga jijing sendal jepit}
(gaje daaah sumpaah)
C.L.B.K ( Carita Lieur Bati Kesel )
"udin ker d ajar di kelaz"

ibu guru : atoz heula nya, plajaran sejarah poe ieu,, sok nu bde nanya acung keun panangana..!
#si udin ngcung
ibu guru : sok udin bde naros naon?
Udin : bu ri Sejarah ibu, randa?
Ibu guru : lain duda!! :@ sok siah dk nanya naon deui..!!
*bari ambek*
(Bapa jeung Adul sarua bego)
Adul bsa ker letik ngomongna g cdel knH..
Adul_pa" oyong odonL..
Udin_nya ngke pmi tos gduh acisna..
Adul_atu pa,pa,oyong oton,,
udin_nya ngke dei w ,,
adul_atu bpa adul teh oyong oton (q kkeh eta si adul bri mmedoL samping bpna.npika mrosotna)
udin_eta bdak d bjaan teh,,q kkehc engke dei cek bp g.
Adul_atu bpa ges t uat oyong otõn,c bpa mah..
tuh nya kaburu busiat manten...(bari nybak clana,tuluy d amauan.)
udin_oh si horeng teh hyng mdol..panya th hyng motor..heg ngomong teh cing bntes ath..(bri ngobehan s adul)
adul_ah bpana w t ngrti..apant caritana adul teh bolon kneh..
Udin_oh hu'uhnya. . . Pho dei bpa teh..
..
 (si saladul nu mantangul)
Buguru#Adul,ibu bade naros.
Adul#Bu,adul ue nu bade naros k ibu.
Buguru#naros naon?
Adul#bu ari 5+5 sbrh?
Buguru#nya 10 att dul.
Adul#ari 10+10 sbrh?
Buguru#nya 20 att adul.
Adul#horee buguru pinter,keprok barudak...
“Kabeh murid keprok”
Buguru#adul maneh teh ngetes ibu(nyolot)
Adul#ibu gning terang adul ngtes ibu..keprok barudak,,
“murid kbeh keprok”
Buguru#maneh mah sadul rek ngagelokeun ibunya. .(ambek)
Adul#horee,ibu pinter terang maksud adul,,keprok sakali deui barudak (bari nangtung dina luhur bangku)
“murid keprok beuki tarik”
Bu guru#kaluar siah (ngajewer ceuli adul)
                                                                            END
Hmmmp makasih ya buat yang udah ketawa dan makasih juga buat yang gak ketawa tapi udah baca :)HaHaHa bahasanya bilingual . Campuran moderen sama daerah :D akukan cinta INDONESIA juga Daerah SUNDA.